Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

2 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Lengkap Beserta Artinya

Yoo pembaca kali ini saya akan membagikan 2 contoh teks pidato bahasa sunda yang merupakan salah satu materi pembelajaran bahasa indonesia yang mungkin teman-teman butuhkan untuk mengerjakan tugas. Nah tanpa perlu banyak basa basi lagi simaklah beberapa contoh dari teks pidato singkat dibawah ini.
2 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda

Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda

Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.

Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”

Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.

Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.

Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.

Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet

Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb

Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.

Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

Contoh 2
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh, Dina kesempatan Ieu simkuring Bade medarkeun, naha orang kudu iman karena hari kiamat. Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah upami urang ninggal Kana surat, kiamateh siganateh peristiwa anu maha dahsyat, hayu banyangkan ku urang salareaa upami gunung Kabeh halalin Siga amat anay anu dihambur hamburkeun.

Bayangkan pami urang Aya didinya kumaha soakna, kumaha reuwasna ninggan eta kajadian. Poe kiamat nyaeta poe akhir, anu ku simkuring dipikir pikir mah tanda-tanda poe kiamateh geus Aya di jaman ayeuna,geus loba pisan. Komo upami urang sadarkah ayuenateh Tos kiamat leutik, timimiti loba banjir, loba longsor Jeung sajabana.

Hadirin hayu urang tobat hayu urang rajin sholat, aneh urang jadi jalma anu iman, jalma anu bisa salamet Tina poe kiamat, kukahoyongmah moal ngalaman Dina kaayaan kiamat eta.

Tanda tanda urang geus deuekeut Kana kiamat, timimiti jaman geus mulai edan deui, ongkoh seueur awewe anu di tiung, tapi susu kamana mendi, seueur awewe anu nyarios lalaki, seueur Oge lalaki NU nyarios awewe. Beuki dieu jaman beuki edan Komo lamun urang teu iman Kana parentah Islam.

Fenomena-fenomena jelmaan beuki ebel Aya lalaki anu beuki ka lalaki atanapi gay, Aya Oge jaman Ieu loba awewe anu beuki ka awewe Atawa lesbi.

Jelema geus jauh tina ajaran Allah,jelema geus poho Kana ajaran Allah. Upami urang ninggal Oge Aya awewe anu beuki ka lalaki, tapi hanjakal manehna can sah can diakadan. Maksiat geus loba,unggal poe pasti Aya jalma anu maksiat. Ku anehnya jaman ayeunamah maksiat eh geus bisa make media,. Kawas jelema anu sok phone seks, jelema anu sok Videocall seks.
Manehna ngagunakeun media,ngagunakeun teknologi geus teu aleucreug. Kumargi kitu, simkuring papadon urangmah kudu taat ka ajaran Allah,aneh dijauhkan Tina Sagala marabahaya Jeung dijauhkan Tina dosa anu gede atanapi anu leutik Oge.

Ka palawargi,hayu urang ngemut dunyateh bakal Aya kiamat akan,meh urang bisa sadar, meh urang bisa leuwih baik deui Kana ngajalankeun hirup.

Upami dosa NU Atos, hayu urang tobat ka allah, ti ayeuna stop migawe dosa deui.
Siganamah sakitu Bae anu kusimkuring tiasa dipihatur, hapunten Tina Sagala kasalahan atanapi kakirangan. Wassalamu’alaikum warohmatullohi warabokatu.

Nah itulah dia 2 contoh teks pidato bahasa sunda singkat yang dapat kami bagikan, bagi anda yang telah berkunjung ke blog ini, kami ucapkan terima kasih.