Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

2 Contoh Resensi Buku Bahasa Sunda Yang Baik Dan Benar

Salam pembaca berikut ini adalah beberapa contoh resensi buku dan novel bahasa sunda yang baik dan benar untuk referensi dalam mengerjakan tugas b indo dirumah ataupun disekolah. Nah simak langung dibawah ini contoh singkatnya.

2 Contoh Resensi Buku Bahasa Sunda Yang Baik Dan Benar

Contoh Resensi Buku Novel Sunda

Judul                : SI SAKAR PANGGUNG

Penulis             : Tatang Sumarsono

Penerbit          : Kiblat

Terbit              : 2007

Eusi                  : 59 lembar

Sinopsis           :

Novel  ieu nyaritakeun tentang hiji budak anu namina Ahmad Hutomi atawa Entom. Bapana Entom the didamelna ngurus kuda pacuan anu dititipkeun ku dunungannana. Salah sahiji dunungan bapana Entom the namina Haji Tantowi atawa biasana disebat Pa Haji SPBU, kumargi usahana kana pom bensin. Pa Haji the gaduh putra tilu nu dua pameget, anu bungsu hijina deui istri namina teh neng Dinar anu umurna sami sareng Entom. Neng Dinar the resep kana kuda kukituna upami Pa Haji nuju mantau kudana ka istal neng Dinar teh osok ngiring janten weh wawuh deukeut malah mah, Neng Dinar teh osok naek kuda tapi bari di cekelan ku Entom kumargi palaur geubis. Sebenerna mun nuju naek kuda teh neng Dinar sok miwarang tong dicekelan tapi tara digugu ku Entom da bisi labuh eta budak dunungan teh, da lamun nepika labuh mah sieun bapana Entom anu katempuhan .

Entom teh ayeuna kelas 9 SMP, disakola Entom teh kaasup murid anu pinter. Saban uih ti sakola Entom sok mantuan bapana ngurus kuda di istal. Kuda anu osok diurus ku Entom teh nyaeta si Sekar Panggung, dipasihan nami kitu kumargi sukuna barodas. Tapi Si Sekar Panggung teh anu ngabogaan adat anu panggorengna ti  genep kuda  bogana Pa Haji anu dititipkeun di istal, jeung teu bisa diatur kusasaha iwal ku Entom. Si Sekar Panggung teh leuwih iceus ka Entom batan ka kang Wawan, Mamg Ohan, Mang Acep, jeung bapana Entom anu osok ngurus kuda di istal. Malah mah jeng ka Pa Haji ge, ka dunungannana, iceus keneh ka Entom. Sabab eta kuda teh dijurukeun pas dina malem lebaran, tur Entom anu nungkulanana. Komo saatos indungna paeh opat bulan saatos ngajuru eta kuda, Entom anu osok nyekelan botol dot mun si Panggung keur nyusu.

Si Panggung teh umurna geus tilu taun, tapi tacan kungsi dilombakeun kana pacuan. Kumargi Si Panggung teh ngan daek diatur ku si Entom, Pa Haji teh miwarang Entom Ngalatih eta kuda bari dibantuan ku ku Um Yance nyaeta palatih kuda di eta istal. Entom teh ngalatih eta kuda dina waktos subuh sateuacan angakat ka sakola. Dina lomba pacuan Si Panggung meunang juara ka hiji, meunangna Si Panggung teh di arep-arep pisan ku Entom sarta nu sejenna nu ngurus eta kuda. Sugan weh lamun Si Panggung meunang manehna bakal meunang komisi , anu bakalan dipake kangge neruskeun sakolana ka SMA kumargi kaayaan ekonomi na anu kirang, aripek teh Neng Dinar putri na Pa Haji nyuhunkeun ka bapana mun eta kuda meunang bakalan nyakolakeun Entom ka SMA sareng Neng Dinar. Kumargi Entom teh budakna pinter tapi teu gaduh biaya kangge neruskeun. Janten weh Entom teh sakolana dibiayaan ku Haji.

Kaleuwihan           : dina novel, seueur gambar. janten teu macana teu bosen.

Kakurangan          : dina akhir buku, teu dicantumkeun hartos kalimah-kalimah anu hese dipikahartos.

Contoh Resensi Buku Bahasa Sunda

Jejer Buku                : TRI TANGTU DI BUMI

Pangarang                : Yoseph Iskandar

Panerbit                   : Pusat Studi Sunda

Kandel Buku            : 88 kaca

Kaleuwihan Buku : Ngandung sajarah tur alus dina ngagambarkeun tokoh – tokohna.

Kakurangan Buku : Bahasana masih keneh hese di pikaharti.

Sinopsis :

Dua Nagara Sunda - Galuh anu asalna hiji nyaeta Nagara Sunda, anu di pimpin ku Lanjeuk jeung Adi nyaeta Prabu Susuk Tunggal ti Sunda, jeung Prabu Dewa Niskala ti Nagara Galuh. Tri Tangtu Di Bumi nyaeta Tilu Lulugu di Bumi anu majuna dayeuh teh lantaran diluluguan ku tiluan anu pohokeun ku Lanjeuk jeung Adi ieu teh padahal mah ieu teh adeg-adeg  ti ramana nyaeta Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana.

Prabu Jayadewata putra ti Prabu Dewa Niskala anu dipulung mantu ku Prabu Susuk Tunggal da pedah putri na Nyai Kentring Manik nikah jeung Jayadewata, tuluy  ka Ambet kasih putri ki Gedeng Sindangkasih, jeung ka Subang Larang putri Ki Gedeng Singapura anu nganggem Islam. Jayadewata anu di panggih keun jeung adi adina, anu tujuan adi adina mere nyaho yen ramana geus salah dina nolak kana putusan sawala para pangagung di Batulayang jeung mere nyaho aya anceman ti Demak anu  geus Islam. Subang Larang anu keur kakandungan di bawa ka Nagri sunda nepi ka ngalahirkeun anak ka hiji nu di bere nganaran Walangsungsang, anak ka dua Larasantang ka tilu Sangara.

 Prabu Jayadewata anu geus di bere gelar Prabu Anom di Pakuan ( Sunda ) jadi gaganti Prabu Susuk Tunggal di Watu Gilang pamarentahan Nagri Sunda jeung ngolah eta Nagara anu jadi nagara maju tur tohaga disebut Nagri Pajajaran sabab di pake eta adeg adeg Tri Tangtu di Bumi pangawarah ti akina Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana. Prabu Anom Jayadewata anu lila sibuk ngurus nagara geus poho ka ramana sababna manehna  mihak ka mitohana da pedah manehna nganggep yen ramana salah geus nolak kana putusan sawala para pangagung di Batulayang. Di Nagri Galuh anu geus sarepi da kabeh jelemana parindah ka nagri Sunda, Prabu Dewa Niskala anu reuwas yen anakna Jayadewata geus jadi raja di Nagri Sunda jeung geus mere incu, manehna sadar salah geus nolak kana putusan para pangagung di Batulayang. Prabu Dewa Niskala jeung panasehatna Prabu Mangkubumi anu nyamar jadi Ki Gede jeung Ki Akung anu ker Ngawangkong jeung Prabu Jayadewata ngobrolkeun anak Ki Gede anu leungit. Dina nyaanna mah anu leungit teh Prabu Jayadewata, pas di bere nyaho ngaran anak Ki Gede ( Dewa Niskala ) anu leungit Jayadewata reuwas da ngarana sarua jeung ngaran manehna keur leutik nyaeta Pamanah Rasa, lamun ngaran ti Ki Gede nyaeta Jayadewata ceuk Ki Gede teh. Jayadewata nanya saha ngaaran sabenerna Ki Gede teh di jawab ku Ki Gede , ngaran urang ker leutik Ningrat Kancana , di bere gelar Dewa Niskala, rama urang Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana ceuk Ki Gede. Ngadenge kitu Jayadewata nyuuh ka Prabu Dewa Niskala menta hampura yen manehna salah.

Nah itulah dia beberapa contoh dari teks resensi buku Bahasa sunda yang baik dan benar, semoga dapat membantu dalam mengerjakan tugas.